Hiburan sejenak..
Obat stresss, hiburan heula

*ANAK JEUNG BAPA KEUR NGOBROL DI HAREUPEUN IMAHNA BARI NGANGIN*

*Anak*:
Pa, kumaha carana ngasupkeun gajah kana kulkas ?

*Bapa*:
Nya moal bisa... piraku gajah diasupkeun kana kulkas.

*Anak*:
Wadduuh... Bapa piraku kitu wae teu bisa...

*Bapa*:
Ari kitu sia bisa ngasupkeun gajah kana kulkas ? Kumaha   coba..?.

*Anak*:
Nyaa gampang Pa, carana Gajahna ditewak.., bukakeun panto kulkasna.., terus
asupkeun gajahna tutup kulkasna, beres...

*Bapa*:
Atah adol siah... otak nyaneh koclak... ngan kitu hungkul?

*Anak*:
Nya kitu carana ngasupkeun gajah kana kulkas. Deui nya pa.. ayeuna kumaha
carana ngasupkeun sapi kana kulkas?

*Bapa*:
Ha ha ha ha..
Tatarucingan nu kieu mah dijawab bari peureum... nya gampang.. sapina
ditewak, bukakeun kulkasna... sapina langsung diasupkeun kana kulkas terus
ditutup, kitu nya???

*Ana*:
Hahaha.. Bapa bari peureum sagala.. Salah pa teu bisa...

*Bapa*:
Geuning.. teu bisa ??

*Anak*:
Pan dijero kulkas masih aya gajah. Jadi kaluarkeun gajah tina kulkas, tewak
sapina asupkeun kana kulkas terus ditutup.

*Bapa*:
Nurustunjung ngala ka saha sia...

*Anak*:
Teruskeun nya pa.. ayeuna, lamun balap lumpat gajah lawan sapi, mana nu
tiheula nepi ka finish...???

*Bapa*:
Nya sapiiiii atuh....

*Anak*:
Hadeuh.. bapa ngajawabna tarik, tapi salah.. nya gajah nu tiheula nepi mah,
Pa...

*Bapa*:
Naha bisa kitu??

*Anak*:
Lah pan sapina masih dijero kulkas, can dikaluarkeun...

*Bapa*:
Kumaha sia lah...

*Anak*:
Hi hi hi geuning ambek....
Ulah ambek pa..
Sakali deui pa...

*Bapa*:
Naon deuiiii...??

*Anak*:
Kumaha  carana nimbang gajah bapana jeung gajah anakna supaya sarua
beuratna...??

*Bapa*:
Sia mah ngarang... gajah bapana pasti leuwih gede tibatan anakna..
Sabab bapana leuwih gede pasti bapana leuwih beurat..

*Anak*:
Tah kitu mun ngomong asal calangap teu dipikir heula.. padahal gampang.

*Bapa*:
Kumaha, coba ??

*Anak*:
Kari diphoto wae... Bapana gajah diphoto, anak gajah ge diphoto.. pas photo
ukuran 4 x 6.. Terus ditimbang.. pasti sarua....

*Bapa*:
(garo-garo teu ateul.., geregeteun)

*Anak*:
Paa...

*Bapa*:
Euy.. aya naoon..?

*Anak*:
Lamun gajah jeung sapi ngalamar gawe, saha nu ditarima..??

*Bapa*:
Teuing ah.....

*Anak*:
Bapa dibere nyaho lah. Anu ditarima gawe Gajah pa...

*Bapa*:
Naha bisa kitu... ??

*Anak*:
Berkas lamaran anu gajah lengkap aya pas photoan.
Pan tadi gajah geus diphoto ari berkas lamaran sapi teu make photo.

*Bapa*:
Ngomong deui..., dicabok sia...!!
๐Ÿ˜€๐Ÿ˜€๐Ÿ˜€๐Ÿ˜ƒ๐Ÿ˜ƒ๐Ÿ˜ƒ๐Ÿ˜€

Agan lagi membaca artikel tentang Obrolan Anak dan Bapaknya
alamat artikel ini http://ione13.blogspot.com/2016/12/obrolan-anak-dan-bapaknya.html
Agan boleh menyebar luaskannya atau mengcopy paste-nya jika artikel ini sangat bermanfaat bagi teman-teman agan
namun jangan lupa untuk meletakkan link Obrolan Anak dan Bapaknya sumbernya.

Artikel Terkait : Intermezzo ,WhatsApp

No comments:

Post a Comment